Minggu, 21 Oktober 2012

lirik lagu-lagu sunda Mang Koko

 

Purnama Urang Nu Boga


Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji

Gelar deui lalakon, gelar ayeuna

nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman

Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning

hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.

Longkéwang


Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.

Mmmh, deudeuh teuing

na peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.

Mmmh, deudeuh teuing

na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.

Ayeuna mun pareng nganjang

nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.

.. lagu liwung na bangbarung.

Hareupeun Kaca


Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.

Reueuk rumeuk dina eunteung

semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.

Béjakeun deudeuh, bejakeun

rumasa geus katalimbeng.

Dina Jandela


Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi

gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.

Tina jandéla urang silih kiceupan

imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

Bulan Langlayangan Peuting



Bulan téh langlayangan peuting

nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh, masing percaya.

Bedil geus dipéloran

granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.

Bulan téh langlayangan tineung

nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sunda
kacipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.

Bedil geus dipéloran

granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan nusaati
ka wétan muru bijil balebat.

Situ Aksan

Situ Aksan.....Situ Aksan
Pelesiran jeung lalayaran
Andom suka seuseurian
Sempal guyon jeung gogonjakan

Situ Aksan.....Situ Aksan
Matak betah mapay tambakan
Dipasieup kekembangan
Matak seger nu jalan-jalan

Situ Aksan.......Situ Aksan
Keur panglipur manah sungkawa
Tempat sirna pangbeberah
Nu nandang lara asmara

Situ di Kota Bandung
Panundung pikir keur bingung
Situ Aksan tempat resmi narik asih
Cain cur cor hejo beresih
Mayarna teu sabaraha
Nu teu mampuh ge kaduga

Situ Aksan..............Situ Aksan
Silih kaleng hiji pasangan
Tepak toel gogonjakan
Horeng geuning anyar tunangan

Wengi Enjing Tepang Deui

Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peuting
lalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligarna
kapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.

Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diri
harianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.

Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.

Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deui.

Samoja

Kedalna asih na bulan pinuh mamanis
hiji jangji pasini na rasmining wanci
mangsa samoja jongjon kembangan
duh eulis, langit lénglang
angin rintih dina ati, aduh

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
aya jangji pasini nu henteu ngajadi
mangsa samoja geus ngarangrangan
duh ieung, langit angkeub
samagaha dina haté, duh

Ayeuna kantun waasna, jungjunan
lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
kamari nu pamit, kamari nu pamit
datang deui na kalangkang

Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan
lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
kamari nu leungit, kamari nu leungit
rék lebeng mo deui datang

Salempay Sutra

Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan

Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih

Ngaraketkeun hubungan batin duaan
Mupus waswas jeung cangcaya
Dijuruna disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna

Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan

Hiji tawis soca deuh salempay sutra
Jadi jimat pangreugreug ati
Disulam narawang deuh salempay sutra
Geuning ngidem harepan

Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih

Angin Priangan

Seungit angin Priangan
Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan
Hawar-hawar rerendahan ngahariring
Ayun ambing ayun ambing

Seungit angin kahyangan
Sumerepna lelembutan duh na lelembutan
Hawar-hawar rerendahan ngahariring
Eling-eling mangka eling

Dengkleung dengdek deungkleung dengdek sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat na raraosan

Dengkleung dengdek deungkleung dengdek sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep marengan na lelembutan

Anggrek Japati

Anggrek japati na cangkring keur karembangan
Sisi wahangan barodas
Kareta api geus datang sinyal geus muka
Rek di stoplas Cibodas

Gupay, gupay anaking
Gupay, gupay digupaykeun ku manehna
Reumbay, reumbay anaking
Reumbayna nginjeum cipanon ti manehna

Kembang Impian

Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan

Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan

Demi Wanci

Demi wanci
Satemenna jalma aya dina rugi
Demi wanci
Satemenna jalma aya dina rugi

Iwal anu iman

Iwal anu sholeh
Nu silih wasiatan
Dina bebeneran

Iwal anu iman

Iwal anu sholeh
Nu silih wasiatan
Dina kasabaran

Wengi Enjing Tepang Deui

Disimbutan ku halimun
Diaping ku indung peuting
Lalaunan ngalayangna
Sukma ninggalkeun jasadna
Emh aduh sukma ninggalkeun jasadna

Ngalayang ka awang-awang

Rek nepangan ka nu tebih
Nepungan ka urang gunung
Malati di pinggir pasir
Kakara pisan ligarna
Kapendakna tacan lami
Katuruban dangdaunan
Kaheumpikan nagasari

Kembang diburu dirungrum

Sawengi henteu kawangi
Patapan henteu kalenglang
Raraosan mah sawarsi
Emh aduh raraosan mah sawarsi

Hawar-hawar sora hayam

Ciri parantos janari
Nu nyumput teh humarurung
Teungteuingeun milik diri
Harianeun teuing kadar
Misahkeun anu keur asih
Kembang nganggo dihalangan
Ditundung ku indung peuting

Gunung geus aya di pungkur

Indit hate mah murilit
Duuuh indit hate mah murilit

Miang ge da sumoreang

Parangtritis kapiati
Aduh Enung pileuleuyan
Wengi enjing tepang deui
Duh aduh wengi enjing tepang deui

Hariring Nu Kungsi Nyanding

Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna nganjang ka buruan deui
Anu kungsi kapiati
Kiwari urang ditepangkeun deui

Hariring nu kungsi nyanding

Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu patarema tineung
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu endah

Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan ati bangblas

Reumis Beureum Dina Eurih

Bray
Balebat panghareupan
Hayam raong patembalan
Ngadigdig nyungsi laratan
Neangan sugan jeung sugan
Kamana atuh panutan
Basa lembur kahuruan
Duh kahuruan

Jol ka lamping suku gunung

Ditempo sugan dikedung
Didongdon sugan ka lisung
Ka sawah sugan ka saung
Panutan geuning bet suwung
Piraku rek niat pundung
Rek niat pundung

Harita teh geus bray-brayan

Basa datang ka sempalan, ieuh
Kembang eurih pareng neba
Barodas baseuh cimata

Harita teh geus enyay-nyayan

Aya wirasat nu datang, ieuh
Reumis beureum dina eurih
Bareureum baseuh ku getih

Gok amprok reujeung manehna

Keur sare bangun nu tibra
Imut mapag langit jingga
Kembang eurih sasarapna
Aduh geuning bareureum rupana
Aduh nu sare dewang dadana

Malati du Gunung Guntur

Melati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sesetraning rasa
Jadina dina mumunggang
Leuweung larangan
Malati di Gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Beja geus aya nu boga
Ngahaja melak didinya
Para guriang
Ayeuna keur geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik
Duka ku saha
Kamari jol aya beja
Malati ratna mumunggang
Pajar can aya nu metik
Duka kunaon
Malati di Gunung Guntur
Ligar dina panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kadongkang

Cipt. Mang Koko

Mangle

Ampuh lungguh someah
Tara rucah awuntah
Resep cicing di imah
Babalik pikir…

Ka bioskop sok ngampleng

Ka derenten ge suwung
Ka pagade ge lebeng
Babalik pikir…

Di tepas teu tembong

Bumi siga kosong
Horeng susulumputan
Ieuh sieun rekening…

Cipt. Mang Koko

Hamdan

Hamdan lirobbil ‘alamien
Allohu rohman warrohim
Qodkoruba fatul mubin
Innahu huas samiul alim

Puji kagungan pangeran

Nu Maha Welas tur Heman
Gusti mangka muka pura bagja
Alloh ya Robbi Mantenna Maha Uninga

Solawat solawatan

Barokat barokatan
A’la Muhammad Rosulih
Wa’ala ali wasohbih

Salam sinareng solawat

Muga netes ka Muhammad
Natrat ka para Karabat
Para ahli jeung sahabat

Cipt. Mang Koko

Imut Malati

Imut Malati,
Wengi tadi geningan patepang deui
Nu kapiati,
Ti kapungkur jungjunan dianti-anti
Ti gunung putri,
Sareng saha nyalira lungsur ka landeuh
Lagu kamari ngagalindeng lalakon
Gending ka deudeuh
Najan sakedap jorelat tunjung balebat
Ku henteu terang mulihna
Ku henteu terang mulihna eh…
Naha kamana
Najan mung imut saulas sakilat ilang
Tansah kairut hanjakal teu sering tepang
Ku henteu terang leosna
Ku henteu terang leosna eh geunging kamana

Cipt. Mang Koko

8 komentar:

  1. Hatur nuhun pisan postingan lirik lagu-laguna, kaanggo pisan..

    BalasHapus
  2. hatur nuhun pisan....anu dipilari ti kapungkur teh, ahirna kapendak. mugia karya sunda nu sanes tiasa aya di dieu.

    BalasHapus
  3. Duh...waas emut nuju esde kawih kawih mang Koko teh. Hatur nuhun kang

    BalasHapus
  4. Hatur nhun pisan parantos ngaploud rumpaka lagu" mang koko diantos rumpaka degung panggungan salajengna

    BalasHapus