Kamis, 30 Agustus 2012

novel sunda


                                                                                            pasosore  




Pasosore, arlojina ebreh panceg tabuh lima. Turun tina Lion Air, leumpangna asa ngagaleong, sirah lenglengan, ceuli oge asa marangpet keneh. Padahal mah lain sakali-dua kali manehna naek kapal terbang. Remen malah, angot basa aya keneh Mamih, teu sirikna unggal minggu Jakarta-Singapura. Balanja tea, piknik tea atawa saukur raun-raun, ngurilingan kota Singa anjangsono ka kulawedet ninina ti pihak Mamih.
“Pedah geus lila meureun,” gerencemna sorangan. “Sabada Mamih ngantunkeun tara apung-apungan deui… Sataun campleng!”
Mamih, bet enggal-enggal teuing ngantunkeun Rayani? Henteu ngantosan heula Rayani lulus, diwisuda, kurenan, baranahan… Eung!
Aya sakeclak ciherang merebey tina sela-sela panonna. Peurih ati, asa dipautan ku hinis, nyerina liwat saking. Mamih anu sakitu mikadeudeuh, mikanyaah, lir nananggeuy endog beubeureumna, pedah ka anak awewe hiji-hijina. Pikeun manehna sorangan meuni asa diheulang. Mamih ujug-ujug ngantunkeun bari teu kungsi ningali layonna da pada ngaharalangan… Duka ku nahaon mah!
Rayani bati ceurik kingkin, mulan-malen inyana kawas anu gering pikir, haben weh pulang-anting ka kuburan Mamih. Gawena ngan ngaheruk salila-lila, hatena baceo ku salaksa kahemeng. Gusti… alatan naon atuh Mamih dugi ka tilar dadak-dadakan? Mamih mah apan sakitu sehatna, jagjag waringkasna, sing sarwa singgetna, percekana… Mamih, pasti aya anu diemutan!
Struk, ceuk dokter Yadi. Ah, maenya make struk dadak-dadakan sagala? Sanajan manehna lain dokter oge, ngan apal yen struk mah osok aya kila-kila ti anggalna. Rieut tea, darah tinggi tea atawa kasakit diabetes siga ninina si Yuli, babaturan di SMA.
Henteu, Mamih mah taya kila-kila boga panyakit anu araraheng. Paling saukur lieur meueusan, kituna oge ngan sakeudeung. Mamih mah ongkoh resep heureuy, banyol, suka-seuri. Resep anjangsono, silaturahmi ka ditu ka dieu oge. Kedahna mah Mamih panjang umur!
Amanah Mamih sangkan Rayani jadi jalma teger, motekar tur ulah ceehan, kudu gancang ngarengsekeun kuliahna. Rayani nguniang hudang, sumangetna ngagedur deui. Harepan Mamih ulah nepikeun ka kaboler-boler. Life must go on!
Hirup ngan dibaturan ku Bi Onah, nyicingan imah titinggal Mamih di Jakarta, Rayani panteng deui kana kuliahna. Hasilna bajoang teh antukna junun oge. Sabulan katukang Rayani hasil ngantongan ijasah sarjana. Mun diitung-itung, sataun panceg ti saprak Mamih tilar dunya.
Poe ieu kitu… ih lain! Isukan, enya isukan mendak taunna Mamih.
Galeong leumpang asa mingkin gagaleongan, sirah oge karasana mingkin lenglengan. Jeduuug, duuh!
Ransel anu ngadaplok dina tonggongna pateunggar jeung saha?
“Alow… Are you oke?” Sorana kadenge bariton.
“Mmm… it’s oke… thank’s…” Direret, sihoreng bule anu diuk di tukangeunana, kungsi pajedag sirah deuih basa rek neundun babawaan di kabin.
“Sok atuh urang bantuan, dipangnyandakkeun ranselna,” kitu lamun disundakeun mah. Henteu bisa dihalangan deui, sakedet netra babawaan teh geus pindah jadi tanggungan si bule.
Rayani jadi ngingiclik nuturkeun bujur si bule. Duka saha mah ngaranna. Duka urang mana, duka rek ka mana teuing. Kaburu naragen antri mawa babawaan di bagasi. Lain ge bagasina, da manehna mah henteu barang bawa loba iwal ti ransel jeung laptop mini. Ieu mah babawaan si bule, teuing mana loba nakeran. Aya sababaraha koper, kacirina mah sabangsaning paralatan sinema.
“Oke, see you… Miss?” cenah basa geus rengse aras-urus bagasina.
“Rayani,” tembal mojang anu make calana jins jeung kameja panjang gombrong, dijilbab pulas bulao, tiba engab. Bule teh nyerengeh, nembongkeun huntu-huntuna anu nyacas bodas. Taya nikotin, hartina anti udud. Bule bageur sugan, gerentes Rayani.
“I’m Antonio from Italia… Well, senang jumpa kamu,” cenah bari nyodorkeun leungeunna, tangtuna oge menta sasalaman.
“Tengkiyu, dunkiwel, ehmm, gracias?” Rayani manggut rengkuh, ngan henteu nampanan leungeunna.
Lain muhrim. Era atuh ku gamis, ku jilbab, ku hijab. Kitu numutkeun atikan Mamih anu solehah. Mamih anu tara kendat ngadudungakeun dirina, masing jadi mojang solehah, muslimah anu perkasa lir Ummu Salmah, mujahidah perang Uhud.
“Oke, se you again, bye, bye…” Antonio ti Italia teh manggut deui, heg ngagandong ransel raksasa dina tonggongna, tuluy digiringkeun ku dua kuli anu ngangkut koper-koperna.
Rayani maling neuteup ti kajauhan. Aya sawatara lila mah mojang geulis anu karek diwisuda ti sastra Jepang UI teh ngajengjen di garba lawang Hang Nadim. Rek aya anu mapagkeun, supirna Mas Satrio, jangjina Yangti (eyangputri, kitu Rayani nyebut ninina ti pihak bapa) dina telepon kamari. Mas Satrio, nyaeta lanceukna Rayani anu kiwari keur tihothat kompanye hayang jadi patingggi di Batam.
“Kamu adeknya Mas Satrio yang bernama Rayani?”  Lalaki bosongot, pangawakan jangkung badag sirahna botak, ujug-ujug nyampeurkeun. Sorana mani asa ngagoronggong dina ceuli Rayani.
“Iya… Sodara siapa?” Rayani undur-unduran, nyenyekel ranselna pageuh pisan. Sakabeh pakayana aya di dieu; diari, kitabulloh, mukena, laptop mini, PDA, buku-buku, baju weh sababaraha stel. Henteu loba, da memang ngan sakitu-kituna pakaya pribadi anu gembleng hak manehna.
Di luar eta, kabeh oge pakaya Satrio anu osok dikirimkeun ngaliwatan panangan Mamih. Ngan samemeh kajadian, tragedi, kitu kereteg hatena, nibanan Mamih, inyana kungsi diwasiatan amanah.
“Mun bisa mah omat ulah make barang pamere Mas Satrio. Peun!” saur Mamih tandes nakeran. “Pikeun kabutuhan sapopoe jeung kuliah Rayani  aya di Bank… Salon butik Muslimah Mamih di Jakarta jeung Bandung, ngan eta titinggal Mamih keur Rayani. Pamuga barokah!”
Awahing ku hemeng, Rayani teu kungsi tatanya deui ka Mamih tug nepikeun ka tilarna. Mamih, ehm, asa mingkin seueur wae ninggalkeun misteri!
“Kalau begitu, ikut kami!” cenah meuni tarareugeug tur darines naker. Tacan ngumpul sakabeh pangacian Rayani, geus srug-srog hiji, dua, aeh… tiluan?
“Kalian siapa?”
“Suruhan Bapak!”
“Eeh… apa-apaan ini?”
“Ayo, cepaaat!” ceuk si badag bosongot, sirah botakna ditutup ku kaen beureum. Bajuna sing sarwa hideung.
“Jangaan…. Upsss!” Hate Rayani mimiti was-was, teu genah. Ngan ranselna geus dicentok satakerna, breeet… leupas!
 “Bapa…  titahan saha?”
 “Bapa Satrio!”
 Awak Rayani ujug-ujug dibeyeng ku dua lalaki, tangtuna oge baturna Si Bosongot, henteu manggapulia deui da eleh gadag. Geus kitu mah gurudag weh sarerea muru parkiran. Hate Rayani mingkin was-was, bulu pundukna asa ruyrey, dadana lir aya tatabuhan, ngadulag rame. Bet asa nempo pilem laga misteri. 
Mobil landrover geus ngabagug, siap mawa maranehna ka… mana?
“Hei, ini mo dibawa ke mana sih?” Rayani ngoceak, ngan… begggh, heeekk!
“Ajooouw!” Rayani ngagero. Aya anu neunggeul pundukna, tarik nakeran.
“Diaam, diamlah kau!” sentak Si Bosongot bari ngajongklokkeun Rayani ka jero mobil. Rayani ngajeblag kana senderan jok mobil di tukang, dadana karasa eungap. Dua preman batur Si Bosongot, ngawal di kenca-katuhueunana. Rayani ngajulaeu, hatena mingkin hariwang, sumoreang… palauuuur!
“Tolong… bilang dulu, ini mo ke mana Bang?” lahlahan Rayani nalengteng.
“He, perempuan! Sudah kubilang dari tadi, diamlah kau!” tembal Si Bosongot anu diuk gigireun supir, sorana galak, pikasieuneun.
“Ngan Bang…”
“Kalau banyak omong pulanya… Mau dibeginikan hei, heeek, sreeet!” cenah bari maling neuteup tina kaca spion.
Sorot panonna lir panon Dursasana, beureum euceuy. Rayani miceun beungeut, awakna ngadegdeg. Mireng Rayani kasieunan Si Bosongot ngaheheh, heg ngalieuk ka tukang, neuteup Rayani; sreseeet… nyeresetkeun curuk badagna kana beuheungna. Rayani ngabirigidig.
“Apa itu artinya, Bang Ucok?” ceuk baturna anu diuk kencaeun Rayani.
“Alamaaak! Tanya-tanya pula kau!” tembal Si Bosongot, angger ngeheheh, ayeuna dibarengan ku babaturanana.
Rayani mimiti boga luang, nitenan rengkak paripolah jeung ciri-ciri sakabeh jalma di jero mobil. Tilu jalma jarangkung baradag, marake tatto dina leungeunna, dibaraju hideung tur marake iket beureum dina sirahna. Supirna anu beda teh, awakna cengkrang, rengkak paripolahna siga banci, gawena ngan seuri jeung seuri.
“Kasihanlah doi tu, abang-abang sayang. Cemana pulanya kalo doi mati ketakutan?” cenah, sorana halon, malah hawar-hawar siga sora beurit kadempet.
Bener, hombreng tamah mangkeluk teh, gerentes hate Rayani.
“Bah! Ngomong pula si Merry ni? Kusangka tadi mulut kau itu sudah dilem tikus cap gajah, huahaha…” Si Bosongot seuri ngabarakatak, disusul ku babaturanana. Kriminal! Rayani yakin ayeuna mah, ieu hiji pelanggaran HAM!
Penculikan tingkat nasional, apan di Batam kajadianana oge, di kotana kakawasaan Mas Satrio… Ilegal! Dadak sakala pipikiranana panceg, sagala lieur, sagala rieut… ilang tanpa karana. Kudu siap-siap… perang? Panonna dipasang, ceulina rancung, kudu direkam sagala omongan sakabeh bapa maling. Enya, urang sebut we kitu, bapa maling titahan Mas Satrio… aaaarrrggggh!
Hiji

               
Imah anu ngariung lima disaburuankeun di wewengkon Margaluyu ngadadak rame ku musik dangdutan. Sakabeh panon lir dihipnotis museur kana layar kaca. Lobaan oge panon teh. Geura we tataan, nya? Di barisan panghareupna aya panon Peter, Arestia, Zakia jeung Istiqomah. Sisi kenca-katuhueunana aya panon Habibah, Reza, Aulia, Bayu, Amin, Nunik…
                Ambuiiing, etah panon Adzimattinur budak lembut umur dua taun anu kuduna wanci ngeleyep lir lampu lima watt oge… pipilueun, euy!
Jleeeng!
Geus ngabaku tamah Butet ngajleng tilu umpakan disakaliguskeun ti loteng. Siiiuuuut… hhhkkk, cenah, manehna ngerem disakalikeun deui bae. Sajongjongan mah budak awewe umur tiluwelasan teh molotot mata simeuteun, heran mireng kalakuan barudak. Enya dulur-dulur sabrayna, sanini-saaki ti pihak indungna.
Indung jeung bapana geus taya dikieuna alatan kacilakaan kapal terbang dua taun katukang. Mimitina mah Butet dirawatan ku kulawedet bapana. Ngan beak dikakaya ku emang-bibi jeung dulur-dulur sabrayna di Jakarta. Sataun kaliwat kulawedet indungna hasil meunangkeun hak perwalian Butet, numutkeun kaputusan Pangadilan. Moal bisa diganggu gugat deui, ongkoh budakna oge leuwih bagja cicing di tengah kulawedet indungna.
Aya sawatara sekon mah panon Butet kabawakeun museur kana televisi 30 inch. Ngan barang pirajeunan ngareret ka palebah lawang panto, bet aya anu ngurumuy, dikukuncung hideung lir… naon nya?!
            “Whooooaaaa!” Butet ngaweuleuhweuh, kituna teh bari adugabret tea.
Gorowokna kontan dibarengan ku gorowok barudak, antukna pating jarerit pating koceak alahmanan di pajagalan weh. Puguh imah utama paragi Nini Dijah  niis anu sasarina adem-ayem, tiis tingtrim teh ngadadak ibur.
Atuh anu nyicingan imah kenca-katuhueunana oge rajol, teu sirikna tibabaranting muru rohang kulawedet Nini Dijah. Tingali we geura, Tanteu Irin, Tanteu Riani, Tanteu Siti kalih caroge sewang-sewang; Um Didih, Um Bimo jeung Um Danang. Aeh enya, Tanteu Riani jeung Tante Siti mah kocapkeun keur garendut deui. Sarua umur utun injina teh deuih tujuh bulan. Mani kompak, nya?
            “Astaghfirullaaah…” Euis ngagerencem bari gogodeg.
Cikeneh Euis oge sukses luncat disakalikeun tina tetecean pangluhurna. Bubuhan taekwondoin ti lelembut, rengkak paripolahna mungguh sing sarwa rancingeus. Nasibna sarua jeung Butet, kiwari dirorok ku kulawedet indungna di Cimahi. Saminggu ti kajadian indung-bapa Butet katiwasan, Euis oge kamusibatan. Mobil indung-bapana ragrag ka jurang di Puncak.
Samemeh ngahiji di imah anu jadi nini, Euis jeung Butet hirupna lir kalakay. Taya sumanget, sararedih, mungguh matak pikarunyaeun anu ningal. Ngan barang geus ngahiji sataun kaliwat, pasipatan maranehna dadak sakala robah total. Balik deui sabihari, sumanget, pinter, resep heureuy malah ngaharib-harib atraktif.
Ongkoh remen kawenehan nembongkeun kamampuhna, nyaeta kakuatan supranatural, telekinetik. Ngan tara dikaluarkeun sambarangan, kitu we lamun nincak kaayaan darurat.
“Aduuuh, aku pikir dia itu… dia itu… poconglah!” beungeut Butet tangka pias lir… pocong!
Sakapeung nyaritana direumbeuy keneh ku lentong Batak. Bubuhan bapana Daniel Rajagukguk, asli terah Batak. Manehna tutunjuk keneh ka palebah Haekal.  Karek balik ti masjid, pirajeunan sarungna dibagudedkeun kana sirahna.
Barudak eureun ributna sanggeus lalumpatan kana tangkeupan indungna masing-masing. Peter, panggedena ti tiluwelas incu nyampeurkeun Haekal anu geus ngudaran sarung hideungna.
Peter lanceukna Haekal, Zakia, Istiqomah, Habibah jeung Aulia. Maranehna anakna pasangan Um Didih-Tanteu Irin. Amin jeung Nunik anakna pasangan Um Bimo-Tanteu Siti. Sedengkeun Reza, Arestia jeung Bayu anakna pasangan Tanteu Riani-Um Danang. Ari Euis anakna Andini, dulur kembar Andina indungna Butet. Anakna Nini Dijah-Aki Aba (tos maot) anu kadua.
“Nyingsieunan bae!” ceuk mahasiswa Kedokteran Unpad, nonjok laun beuteung adina. Haekal, mahasiswa Teknik Informatika-ITB malik kukulutus.
 “Sakieu kasepna geura… kalah disangka pocong? Wheeeiii!” Manehna pamer beungeut. Cengar-cengir tampa dosa, kereeen!
            “Mana kutahu kalau itu kau!” Butet ngumpulkeun pangacianana.
            “Salah sorangan! Sidikanan wancina dialajar, kalah lalajo…”
            “Ngeboooor… Inuuul!” barudak gasik megat kalimah Haekal. Bari pating irihil ayeuna mah.
            Puguh Tanteu kalih Um garogodeg. Sajongjongan mah para sesepuh mere piwejang, kuliah sacara estafet tea. Barudak bati arunggut-unggutan, heueuh-heueuh buek, duka didenge henteuna mah. Karek rengse kuliah estafetna basa aya sora bel.
Nini Dijah  nembe uih ti pangaosan. Mangkaning pangaosan Ibu Guru, tangtu aya berekatna teh. Bener we, barang panto dibuka ku Um Didih, lol Nini Dijah ngajingjing kantong keresek eusi berekat… Ana gerewek teh!
            “Nini…!” ceuk sawareh.
            “Berekaaaattt…!” ceuk sawarehna deui. Barudak pating beretek moro Nini Dijah. Meh weh anu jadi Nini Dijah ngagubrag nyungsep. Hadena Butet kompak jeung Euis gasik nyangga tonggong ninina.
“Masya Allah! Na aya barudak…” Nini Dijah  teu kebat gegelendeng. Buru-buru masrahkeun berekatna ka Peter anu pangmerodna ngengenyang keresek tina panangan ingkang nini.
Henteu gede henteu leutik sarua bae. Resep jeung panasaran ari geus marebutkeun nini-nini… ups, berekatna! Rek beunang rek henteu da apal kadaharanana oge teu sabaraha. Pentingna mah eta palebah silih sered silih dorong, kituna teh bari pating cikikik. Heee-booooh, Meeen!
            “Asoooy…” ceuk Peter bari ngaronyok berekat.
“Gebooy, euy…!” adi-adina nyambung.
            Haekal gogodeg, manehna mah ngakuna geus jadi ikhwan. Getol ka masjid, aktif di pangajian boh di kampus boh di kampung, leubeut bacaan Al Quranna, fasih hadis Rasulullah. Karesep make baju koko, calana bodas, peci bodas, sakapeung nyalindangkeun burdah atawa sajadah. Disarebutna oge Al Ustadz Komputer, pedah eta cenah kacanduan ngadedeluk nyieun program komputer. Tapi kituna teh bari jeung tara poho nyiar elmu pangaweruh Islam.
            Koloyong Haekal ka hareupeun televisi, jetrek dipareuman. Sedengkeun para Tanteu kalih caroge sanggeus amitan ka Nini Dijah mah, nyalingkir baralik deui ka imahna masing-masing. Sareretan Euis mireng Tanteu Siti jeung Tanteu Riani gegerendengan teu jelas, kituna teh bari ngusapan beuteung. Amit-amit jabang bebi sugan?
Sakedapan mah Euis jeung Butet bati ceuleumeut, heg silih teuteup. Kajadian siga kieu, marebutkeun berekat nini-nini geus biasa deui di kulawedet Margaluyu 75. Ngan angger we matak kaget maranehna.
“Miluan?” ceuk Euis bari ngiceupan Butet.
“Oce Booos!” tembal Butet. Antukna budak ABG, ceuk basa gaulna mah, miluan ngaronyok berekat.
***

Basa baralik deui ka kamarna di loteng. Butet jeung Euis nyigeung fenomena Inul Daratista. Mimitina mah maranehna teu apal ka biduan dangdut Pasuruan, Ratu Ngebor. Ngan babaturanana di sakola asa mingkin rame bae nyaritakeun Inul Surinul, eh, Daratista. Jadi weh kabawakeun panasaran!
“Vokalna mah payah-payah-payaaaah pisan, nya!” Euis kukulutus.
“Barina ge lain vokalna anu dijual, tapi ngeborna, goyang dombreeet!”
“Heeh, gara-gara digencarkeun pisan beritana ku media televisi…”
“Yap, bajinguklah itu!”
Euis mesem ngadenge lentong Butet anu dipikanyaah. Manehna ngarandeg hareupeun kamarna.
“Eh, Tet… Tadi teh naha enya kabehanana keur lalajo si Inul?”
 “Iyalah begitu. Aa Peter pun kulihat tadi ikutan melototin ngebornya!” Butet gagaro buukna anu dijilbab kaos. Gancang dileupaskeun jilbab kaosna, breh weh buukna anu trondol. Persisss budak lalaki!
Euis mureleng kana trondolna, curiga. “Naon… kutuan, katombean?” Meh sataun babarengan, Euis asa tacan mireng buuk Butet manjangan. Hayoh weh pondok, sakitu-kitu keneh. Sugan dicukuran sorangan?
“Enak saja kau!” Butet nyureng. “Ngebor… do you remember, ngebooor?! Ini urusan si Inul lah, Euis. Bukan rambutku, bah!”
Euis nyengir. Dasar anak Batak. Sanajan sabeulah oge, angger we make bah, bah jeung lah. “Kan ngebornya identik sama kutuan, ketombean, hihihi…”
Euis loncat asup ka kamarna. Kahayangna mah gancang ditutup. Eeeh, edas we! Butet gasik ngaganjel pantona ku sabeulah sukuna. “Bah! Tacan beres ngabahasna, yeuh, Iiis!” cenah ngahembos lir anu kaladaan cabe hejo bae.
Panonna nyureng ngaburilak lir panon heulang. Euis garo-garo teu ateul, ngarorod kaos jilbabna, lung diapungkeun kana luhureun dipan. Bayatak ku buku. “Ngebut nyieun laporan penelitian cai tea, Butet. Help, don’t disturb please…” cenah kadenge serieus.
“Deueu, abong-abong finalis murid teladan sa-Cimahi!”
“Ulah sinis kitu atuh, Neng! Suer serieus, yeuh! Lamun kapilih apan meunang bea-siswa. Lumayan  keur ngurang-ngurang beaya Nini…”
Panon Butet ngaburilak deui. “Egoooiiis!” cenah lir gemeseun.
“Aduuuh… asuplah, asuuuup!” Euis ngelehan, Sup Butet ngabebeskeun awakna anu bongsor ka jero kamar Euis. Bener bayataaak!
“Demi kebaikan umat nih, yeaaah?” cenah sumanget ku ghirah Islam.
“Rek ngabahas naonana sih?” Euis henteu sabar.
“Soal si Inul Surinul itulah tadi. Cem mana kau ini, hah…?!”
“Hahaha…” Euis nyeuleukeuteuk. Bener-bener asli mbataaak! Butet teu malire anu kagugu ku lentong manehna. Der manehna nuluykeun kahariwang hatena.
 “Ini nggak bisa dibiarkan lagi, Is! Ngebor Inul makin marak saja di media. Betul-betul sudah jadi wabah… Apa mereka nggak kasihan sama generasi kita? Mending kalo anaknya menyikapi dengan baik dan benar. Kalo menyikapinya negatif… gimana hayoo?!” Mani nyoroscos lir hujan ninggangan kenteng bae.
Euis bengong. Saha anu nyangka, budak anu asalna apatis, a-sosial, robah total? Kebek ku empati, perhatian kana situasi-kondisi lingkunganana.  Ti iraha nya kituna teh? Sigana mah ti saprak cicing di kulawedet Nini Dijah. Diciprukan kadeudeuh, dibaluran kanyaah sarerea. Tug nepikeun ka beunang hidayah-Na ti Gusti Allah Anu ngeundeurkeun sakabeh hate manusa.
            “Sok atuh, kumaha saran kandidat siswa teladan sa-Jabar teh?” cenah sanggeus medar sagala kahariwang hatena. Goyang ngebor teh matak ngarugrugkeun moral barudak, cenah keukeuh.
            “Euh, saran naon atuh nya?” Euis kalah malik nanya, kituna teh bari kerung-kerung we. Butet ngadagoan kalawan sabar. Apan sasarina oge Euis pang gresna mun geus mere nasehat.
Barang direret ka gigireunana, eeh, budak teh! Panon Euis kalah mencrong leleb kana layar komputerna. Penelitian cai geus saminggu dipigawean bareng kelompokna. Make kudu turun ka lapangan sagala. Walungan leutik Cimahi anu kiwari mah geus butek, kotor, jarorok loba runtahna.
Aya pabrik tahu-tempe, geus loba spesis anu arilang tanpa karana duka kabawa nahaon mah. Terus, kumaha atuh nyieun laporanana? Sangkan genah dibaca pas dipresentasikeunana isukan, hayoooh kumaha tah?
            “Iiis… Alooo, darliiiing?!” Butet leungiteun kasabaranana.
            “Hmmm…” Euis asal nginyem. Butet neges-neges dulur sabrayna.
Whoooi! Panon Euis manteng-manteng we kana layar komputer. Butet ngabarkeun talapak leungeunna hareupeun beungeut Euis. Nehiiii!

1 komentar: